lazada indonesia

Nincak Tapak Pejoang di Rancaekek

Paramitra Rusady jeung Ully Sigar Rusady
Suarajatinangor - Poe Saptu jeung Ahad (30-31/8) aya raramean di SDN I Rancaekek, Kabupaten Bandung.  Boh dina poe Saptu boh Ahadna, katembong rea nonoman jeung veteran kumplit jeung saragemna.
Di antara ratusan jalma nu nyampak di eta sakola, katembong aya dua Srikandi nu geus teu bireuk deui keur urang, nyaeta Ully Hary Rusady (baheula mah kasohorna Ully Sigar Rusady) jeung artis jeung penyanyi Paramitha Rusady. Duana katembong cakah-cikih, angot Ully Hary Rusady mah.

Aya naon? Horeng, harita teh keur aya acara Napak Tilas Route Pejuang 1945 di Bandung Timur. Pangna Bunda Ully (kitu ayeuna biasa disebut) aya di eta acara, lantaran anjeunna pisan nu boga alpukah ngayakeun eta acara. Ari prak-prakanana mah, Bunda Ully nu oge pupuhu Yayasan Gabungan Rumpun Pemuda Nusantara teh, dirojong ku pihak sejenna kayaning Emergency Respond Unit Merah Putih, Gabungan Komunitas Pecinta Alam, Legiun Veteran Republik Indonesia Kota Bandung, katut Puskoveri Jawa Barat.
Napak tilas, startna ti BSI, finishna di Dangdeur, Rancaekek, Kabupaten Bandung.
Malem mingguna mah, Bunda Ully katut ramana ngaluuhan saresehan jeung temu pejuang,jeung aya acara papasrahan buku perjoangan yasana rama Bunda Ully, RJ Rusady Wirahaditenaya nu judulna "Tiada Berita dari Bandung Timur".
Ka "SJ" Bunda Ully netelakeun, ramana tea sawatara waktu katukang reres nyusun buku perjuangan "Tiada Berita dari Bandung Timur", nu eusina perjoangan ramana tur pejuang lianna sasama anggota Batalyon 33 Pelopor, Resimen Sukapura, Divisi III/Siliwangi,  dina mertanhankeun wewengkon Bandung Timur ti Walanda.
Saestuna, pokna, perjoangan Batalyon 33 Pelopor Resimen Sukapura teh beurat naker. Batalyon ngalaman perang campuh jeung Walanda nepi ka rea nu palastra dina mancen tugas mertahankeun "Front Bandung Timur" teh.  "Ngan hanjakalna, perjoangan anggota Batalyon di Bandung Timur nepi ka kiwari taya nu ngungkab. Nu diungkab ukur perjoangan tentara di Bandung Utara, Bandung Barat jeung Bandung Selatan wungkul," pokna, semu nu handeueul.
Sanggeus dipikir dibulak-balik, dirina ahirna hayang  ngawanohkeun perjoangan Batalyon di Bandung Timur ka nonoman. Carana, sajaba ti ngabagi-bagikeun buku perjoangan nu disusun ramana, nya ku cara ngayakeun napak tilas tea. Napak tilasna, nyaeta ti Lapangan Universitas BSI Jl. Sulaksana Kota Bandung nepi ka Rancaekek, nincak jalan nu kungsi disorang ku para pejuang nalika meunang pancen mertahankeun wewengkon Front Bandung Timur.
"Mudah-mudahan wae ieu acara nu kailmahan ku buku papih (RJ Rusady Wirahaditenaya), aya mangpaatna," pokna.
Nurutkeun catetan sajarah, ayana Front Bandung Timur teh sabada aya kajadian nu katelah Bandung Lautan Api, 23 Maret 1946. Alatan sieun Dayeuh Bandung jadi markas militer NiCA Walanda dina Perang Kemerdekaan Indonesia, imah jeung wangunan di Bandung didarurukan. Warga Bandung saterus naringgalkeun Bandung, ka pilemburan jeung pagunungan.
Nya mangsa harita, aya nu disebut Batalyon 33 Pelopor, Resimen Sukapura, Divisi III/Siliwangi nu meunang pancen geusan mertahank
eun Front Bandung Timur. Ieu anggota Sektor Bandung Timur teh bajuang ti satutasna Proklamasi Kemerdekaan nepi ka Aksi Militer 1 atawa Eerste Politionele Actie. (SJ-1)***

Share this article :

Posting Komentar

 
Support : Creating Website | Johny Template | Mas Template
Copyright © 2014. News Plest - All Rights Reserved
Info Berita dan Iklan Hubungi 08974431696 PIN BB 32D3418F
Proudly powered by Blogger